Edisi
14
Ngahudang rasa, Ngageuning pikir
Paturay Tineung Desember 2016
Pangjajap
Assalamualaikum Wr. Wb. Sampurasun! Alhamdulillah siloka edisi 14 parantos rèngsè. Sanajan telat sabaraha dinten, mung tim rèdaksi parantos damel ku luar biasana. Sim Kuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya tim redaksi sareng sadaya pihak anu0 parantos ngabantosan dina ngadamel siloka èdisi 14 ieu. Siloka èdisi ayeuna ngagaduhan tèma nyaèta “Paturay Tineung” Janten, dina eusi siloka ayeuna leuwih ngabahas ngenaan Akhir Kapengurusan Lises Periode 2015/2016. Kusabab ngadamel siloka tèh ngabutuhkeun prosès anu henteu singkat, tim rèdaksi nyuhunkeun kanggo ngajaga sareng ngarawat ieu majalah sasarengan. Mugia ku ayana maajalah ieu tiasa mangpaat kanggo urang sadaya. Teu hilap tim rèdaksi ngantos kritik sareng sarana, sangkan Siloka èdisi kapayunna langkung hadè deui. HURIP SUNDA! HURIP LISES! Wassalamualaikum Wr. Wb.
Pemimpin Redaksi Magda Natalia
Pemimpin Redaksi Wakil Direksi Layouter Editor Penerbit
Magda Natalia Nurvina Lesmana Rizkiana Samarind Upit Sarimanah Divisi Humas
Daptar Daptar Eusi Eusi 1 2 2 3 6 8 10 13 15 18 20 21 24 25 26
Pangjajap Tim Redaksi Daptar Eusi Kesan Pesan Pupuhu Kelas Kasundaan: Aksara Sunda PAT Artikel: Dokbud Topeng Benjang Potret Nabeuh Cerita Sambungan Sajak Borakses Angket DP-DPP Ter-Lises 3S Kunci Jawaban Saha Pupuhu Salajengna?
LISES UNPAD
Tim Redaksi Redaksi Tim
Kabar Lises
Kesan Pesan Pupuhu do
k.
Pa n
iti
aD
isb ud
“ “ Assalamualaikum wr wb, puji sinareng sukur urang curah limpahkeun ka Gusti nu Maha Suci. Rehna dina kasempetan ieu urang aya dina kasehatan sareng dipaparin kasalametan pikeun terus bisa nyuprih elmu pangaweruh di Lises Unpad.
Hatur nuhun sateuacanna ka Divisi Humas, kanggo kasempetan pikeun ngadugikeun rasa bingah salami simkuring janten pupuhu. Kahatur PENGURUS,
Kirang langkung sataun simkuring seja ikhlas ngokolakeun ieu organisasi dibarengan ku rengrengan pengurus anu luar biasa. Luar biasa ikhlasna, luar biasa ridhona pikeun terus ngajalankeun ieu organisasi anu dipikanyaah. Ku uyuhan teu diburuhan, tapi tetep satia ngokolakeun lises unpad. Tangtu salila sataun katukang loba pisan carita anu jadi bumbu pikeun kepengurusan. Naek turunna sumanget, iklim organisasi anu dinamis, eta geus karasa kabeh ku arurang. Tapi tong poho, tong ngarasa rugi, jadikeun organisasi tempat mental jeung karakter digodog, kudu percaya urang bakal beubeunangan elmu salila urang ngokolakeun lises.
Siloka 12/ 2016 | 3
Masih haneut ieu peupeujeuh, “Rugi jelema lamun naona nu kadenge, katingali, karasa, teu jadi elmu pikeun poe isuk”. Urang larapkeun eta barudak. Simkuring ngahaturkeun nuhun mang rewu-rewu nuhun ka rengrengan pengurus, anu geus sadia, satia, pikeun ngabantuan simkuring ngajalankeun organisasi, tangtu ieu organisasi teu bisa dilaksanakeun ku saurang dua urang. Hatur nuhun barudak diklat, humas, RT, pementasan, psda, litbang. Khususna ka para koordinator divisi anu satia nyarengan simkuring salila sataun katukang, Mpe, Adel, Ika, Dela, Ucup, Budin, Aziz, Abil, Wisnu. Nuhun pisan. Jujur, beres kepengurusan teh kalintang beuratna keur kuring mah barudak, beuratna nyaeta ninggalkeun adi-adi pengurus anu geus siga adi sorangan, asa geus taya jarak. Kahareupna, sok kokolakeun lises cing bener, kudu saladar anu ngurus di lises teh dumasar kana kasadaran diri, matak tong dinaha-naha lamun aya nu rada dok. Divisi Humas teu bener, gawekeun weh gawean anu sorangan sorangan cingbener, “nu penting kuring mah teu kitu” kudu inget kalimah eta. Ka sadaya wadya balad lises unpad,
dok. Panitia Disbud
Salami sataun kapengker pasti simkuring seueur pisan kalepatan, boh tina kalakuan boh tina lalampahan, Hapunten bilih salami sataun kapengker aya nu teu ka angken atanapi kumaha, simkuring nyungkeun hapunten pisan saageung-ageungna. Ageung harepan, ageung cita-cita kanggo nanjeurkeun ajen ki sunda ku jalan babakti ngurus di lises, naming gening sakitu buktosna, hapunten masih seueur kirangna. Siloka 12/ 2016 | 4
Simkuring ngahaturkeun nuhun mang rewu-rewu nuhun ka rengrengan pengurus, anu geus sadia, satia, pikeun ngabantuan simkuring ngajalankeun organisasi, tangtu ieu organisasi teu bisa dilaksanakeun ku saurang dua urang. Hatur nuhun barudak diklat, humas, RT, pementasan, psda, litbang. Khususna ka para koordinator divisi anu satia nyarengan simkuring salila sataun katukang, Mpe, Adel, Ika, Dela, Ucup, Budin, Aziz, Abil, Wisnu. Nuhun pisan. Mugia pupuhu taun payun tiasa langkung nanjeurkeun lises di Universitas Padjadjaran, di tingkat regional, malihan nasional sareng internasional. Hatur nuhun ka para pelatih khususna kang ade, kang opik, kang itet, kang aa, kang apep, anu parantos seueur pisan babantos salami simkuring janten pupuhu, hiji kabanggan gaduh senior alumni anu teu asa-asa ka lises, jadi teu ragag oge ka pengurusna. Hapunten dok. Panitia PAT bilih sataun kapengker simkuring atanapi rengrengan pengurus anu sanes aya laku lampah anu kirang merenah, sakali deui hapunten. Ka kang roi, kang eka, kang edu, kang dudin, teh dhinar, the rhea, kang deri sareng senior anu sanesna kana bantosanna, hatur nuhun tos diaping, tos janten tempat pananyaan simkuring sareng rengrengan pengurus. Ka akang teteh dewan pertimbangan pengurus, apip, niken, tanto, tia, riri. Hatur nuhun pisan tos diaping salami sataun kapengker, hapunten sadaya kalepatan simkuring sareng rengrengan pengurus. dok. Divisi Humas
Siloka 12/ 2016 | 5
?
Kabar Lises
Apal Kumaha
Aksara Sunda ku: Upit Sarimanah
Dinten Salasa kaping 24 Oktober 2016, ' divisi Penelitian dan Pengembangan' (Litbang) Lises ngayakeun deui kagiatan Kelas Kasundaan, di manakagiatan ieu téh mangrupakeun kagiatan nu husus ngabahas jeung medarkeun matéri ngeunaan Kasundaan. Tah, basa harita mah eusi kagiatanana téh medarkeun ngeunaan aksara Sunda, nu tagline na “ngaku urang sunda kudu wanoh aksara sunda”.
Kelas Kasundaan dikawitan tabuh 18.45 WIB di ruang gamelan nu diluuhan ku kirang langkung 35 jalmi. Aya wejangan nu nyebatkeun 'najan saeutik nu penting berkualitas', tah kitu ogé dina kagiatan ieu, sing sanajan nu sumpingna mung 35 jalmi tapi sadayanana téh aktip dina dok.Abil - Wisnuwarman kagiatan ieu. Aktip di dieu téh maksadna sadayana ngiring ilubiung dina runtuyan kagiatan kelas kasundaan ti awal dugi ka akhir. Runtuyan kagiatan kasundaan téh anu kahuji nyaéta matéri ngeunaan sajarah aksara sunda, anu didugikeun ku Téh Nurvina ti entragan purnawarman anu kaleresan kuliah di jurusan sastra sunda, janten anjeunna sahenteuna terang ngeunaan sajarah aksara sunda éta. Siloka 12/ 2016 | 6
Runtuyan kagiatan anu kadua nyaéta ngajelaskeun ngeunaan sistem penulisan sareng cara maca aksara sunda, anu didugikeun ku Téh Siti Aminah, anjeunna ngajelaskeun ngeunaan aksara ieu ngalangkungan video, tapi dijelaskeun deui langkung jéntré sakaligus di praktékeun cara nulisna. Saatos matéri didugikeun sadayana, pamilon dipasihan kuis nyaéta anu kahiji pamilon dipiwarang maca kecap anu diserat nganggo aksara sunda. dina kuis ieu pamilon sumanget pisan dina ngawalérna, dok.Abil - Wisnuwarman kuis kadua pamilon dibagi janten dua kelompok, masing-masing kelompok ditugaskeun pikeun nyusun aksara sunda supaya ngabentuk hiji kecap, kelompok anu pangseueurna nyusun kecap anu leres dipasihan hadiah. Kelas kasundaan ieu di pungkas ku ngabagikeun hadiah ka para pinunjul kuis. tina kelas kasundaan ieu, urang tiasa langkung mikawanoh aksara sunda anu mangrupakeun cicirén bangsa hasil intelektual karuhun sunda baheula.
Aksara Sunda
Siloka 12/ 2016 | 7
Kabar Lises
Pagelaran Akhir Tahun:
Ngarumat Lemah Cai Manifestasi Jati Diri Ki Sunda Dikutip ti: Kabar Parahyangan Online
Lingkung Seni Sunda (Lises) Universitas Padjadjaran (Unpad), ngayakeun Pagelaran Akhir Tahun 2016. “Gondang Badingkut” nyaéta judul pikeun pagelaran akhir tahun Lises anu diayakeun di lapang basket Balé Santika Universitas Padjadjaran, Jatinangor. “Naskah pagelaran ieu ditulis ku Dalang anu tos kasohor di Bandung, nyaéta Dalang Apep A.S Hudaya S.Sos,” ceuk salah sahiji anggota Lises Yu l i S u l a s t r i n a l i ka diwawancara ku salah sahiji media online.
dok.Rizkiana - Purnawarman
Anjeuna nyaritakeun yén pagelaran ieu téh ngagaduhan tujuan pikeun ngawanohkeun deui kasenian tradisional Jawabarat anu hampir punah kasilih ku budaya deungeun. Anjeunna ogé ngajéntrékeun yén Gondang téh mangrupakeun kasenian Sunda nyaéta nabeuh lisung ku halu, pakakas paranti nutu paré,dibarengan ku kakawihan. Kasenian ieu biasana dipintonkeun nalika usum panén, jeung deui kasenian ieu téh mangrupakeun tempat kumpulna para wanoja jeung jajaka kampung.
Siloka 12/ 2016 | 8
Disebut badingkut nyaéta hiji kaén anu disusun ku sababaraha bagéan kaén warna warni nu bakal némbongkeun kesan éndah nalika dihijikeun. “Alur carita na anu unik tur ngahibur, sarta teu n g a l e u n g i t ke u n u n s u r edukasi ieu ngajadikeun pagelaran akhir tahun Lises 2016 sukses, diapresiasi ku 1330 urang leuwih”, ceuk anjeunna ogé. dok.Rizkiana - Purnawarman
Pagelaran téh dibagi jadi 2 sesi. Sesi kahiji anu diayakeun jam 13.00, diapresiasi ku siswa SMP, SMA/satata. Sesi kaduana nyaéta jam 19.00, di apresiasi ku mahasiswa jeung masyarakat umum.
dok.Rizkiana - Purnawarman
dok.Rizkiana - Purnawarman
“Pagelaran akhir tahun lises nu ayeunamah béda jeung nu taun-taun katukang. Lain saukur tari atawa musik, tapi dina pgelaran ieu ogé midangkeun kaparigelan anggota lises dina widang teater sareng kakawihan” pungkas anjeunna. Salian ti anggota Lises, acara ieu ogé di rojong ku bintang tamu anu kasohor, nyaéta Ria KDI.
Siloka 12/ 2016 | 9
Artikel: Dokumentasi Budaya
Topeng Benjang Ujung Berung Ku: Divisi Litbang
dok. Abil-Wisnuwarman
Lingkung Seni Sunda (Lises) Universitas Padjadjaran (Unpad) ngayakeun penelitian dan pengembangan budaya Sunda. Lises Unpad ngadokumentasikeun budaya Topeng Benjang anu aya di daérah Ujung Berung, Bandung. Pikeun meunangkeun data anu munel, Lises ngalakukeun dokumentasi ti mimiti tanggal 29 oktober 2016 dituluykeun deui tanggal 3-4 Desember 2016. Benjang mangrupakeun salah sahiji kasenian tradisional ti Tatar Sunda. Aya sababaraha bagian dina Benjang nyéta Benjang Helaran, Benjang Topeng, jeung Benjang Gulat. Mimiti namah benjang Gulat, dituluykeun ku Benjang Helaran anu mangrupakeun béja pikeun masyarakat yén bakal diayakeun Benjang Gulat. Tapi, kulantaran ayana Siloka 12/ 2016 | 10
lolongkrang waktu antara Benjang Helaran jeung Benjang Gulat éta, jadi diayakeun heula Topeng Benjang. Topeng Benjang ngabogaan opat karakter; aya Putri, Emban, Satria, sarta Rahwana. Opat karakter ieu mangrupa wawakil tina tiap sipat manusa. Karakter Putri ngabogaan watek bageur jeung bener, karakter Emban ngabogaan watek bodor tur ngahibur, karakter Satria ngabogaan watek gagah tur gedé wawanén, sedengkeun karakter Rahwana ngabogaan watek anu jahat. Mimitina mah opat karakter dina Topeng Benjang ieu dipintonkeun ku saurang pamaén lalaki, tapi kadieunakeun mah opat karakter dina Topeng Benjang téh bisa ogé dipintonkeun ku saurang pamaén awéwé atawa dipintonkeun ku opat jalma anu béda. Dina Benjang anu di pintonkeun ku saurang pamaén, pamaén maké kostum ditumpuk. Aksesoris séjénna ogé dijieun leuwih sederhana pikeun ngagampangkeun nalika pamaén kudu ganti lalakon. Dina dok. Abil-Wisnuwarman Benjang anu dipintonkeun ku opat jalma béda, masing-masing karakterna ngabogaan ciri boh dina warna baju atawa hiasanana, disaruakeun jeung karakter anu dipintonkeunna. Karakter Putri ngagunakeun kostum warna bodas, Emban warna Beureum, Satria ngagunakeun kostum héjo, sarta Rahwana anu ngagunakeun kostum warna Beureum ogé. Jaman baheula, tarian Benjang lilana aya kana 2 jamna, tiap 25 menit lalakon topeng pasti ganti. Béda jeung ayeuna, tiap karakter Benjang ukur midang 3-4 menit, jeung deui leuwih bebas nalika ganti karakter.
Siloka 12/ 2016 | 11
Topeng Benjang ieu ngabogaan ciri anu khas. Dina gerakanna aya senggolan,angin-angin, jeung mincid benjang. Karakter Satria jeung Rahwana ngalakukeun gerakan silat pikeun nandakeun yén sanggeus Topeng Benjang bakal aya Benjang Gulat. Dina karakter Emban ogé aya gerakan silat, tapi dijieun bodor supaya ngahibur nu lalajo. Ciri khas lainna dina Topeng Benjang nyaéta kaayaan leungeun pamaén anu dina hampir sakabéh gerakan dina kaayan ngeupeul atawa meureup. Ngeupeul atawa meureup ieu ngalambangkeun kagagahan nu jadi lalaki.
Siloka 12/ 2016 | 12
Insidental Upacara Adat Pernikahan Teh Naomi
dok.Gita-Indrawarman
dok.Gita-Indrawarman
Insidental Upacara Adat Pernikahan Teh Naomi
Cerita Sambungan
Lunta Dina Cinta, Janji Nu Mawa Pati
Ku: Rima Nuriyani
.....“Aa, ari éta saha?” ceuk awéwé nu jeung kang Imron. “Sakedap geulis, Aa bingung kénéh”. “Aééh naha kang Imron meni siga nu deudeuh pisan ka éta awéwé téh, saha Akaangg?” (kuring panas, bendu ogé kuciwa) “Ieu Ajeng, puguhan, ieu...anuu...” “Ieu naon atuh kang, nyarios sing jéntré ari rumasa anjeun lalaki mah, sing aya tandukan!” sentak kuring ka anjeuna. “Ih ulah nyentakan salaki aing, sia awéwé kampung!” (ceuk awéwé nu jeung kang Imron). “(Haté asa peupeus ngadéngé kecap “salaki”, biwir ngageter awak ngoropyok, asa kabéntar gelap kabanting angin) naon, salaki? ari akang sulaya kana janji? paingan ti saprak kuring kuliah anjeun téh hésé dihubungan, sing horéng geus kawin, geus sabaraha bulan kawin téh kang?”
“(Manéhna ukur tungkul bari semu cireumbay), hampura Ajeng, akang geus ingkar kana janji, akang gawé lacut nu ayeuna jadi pecut, akang dikawinkeun jeung Sinta, pamajikan akang ayeuna, ku sabab Sinta geus kakandungan 2 bulan saméméh nikah”. Siloka 12/ 2016 | 15
“Ya Alloh, Gustiii geuning enya sangkaan kuring salila ieu téh, anjeun jinah nepika ngareuneuhan hiji awéwé, dasar lalaki lacut, awéwé murah,ublag, tukang népakeun buntut maung, maranéhmah aram naraka!! (kuring nyarékan ka kang Imron jeung pamajikana, teu euih-euih hayang budal kabéh nu aya dina pikiran jeung haté). Cuihh hanjakal kuring salila 5 taun ieu satia, anjeun sulaya kana janji, ngomong cinta tapi naplokan tai kana beungeut kuring, kunaon atuhh kanggg??!!” (kuring ngagebugan dada kang Imron). “(Pamajikanna ngomong bari ngajengut tiung kuring) Dasar awéwé teu payu, bisana ngaku-ngaku salaki batur, seug sia nu jadi aram naraka, maké tiung tapi kalakuan siga budak jalanan anu teu pernah ngalétak bangku sakola”. Tungtungna kuring paséa gedé jeung pamajikana kang Imron, teu bisa dipisahkeun, haté kuring béak ku kakeuheul, euweuh pikiran hayang ngéléhan. Kang Imron jeung kang Fikri sabisa-bisa misahkeun kuring jeung si Sinta. Tung-tungna baju jeung tiung kuring acak-acakan, biwir sisi katuhu jeung juru panon belah katuhu sowéh ku koétan kuku si Sinta, beungeut kuring pinuh ku getih. Boh kitu deui si Sinta ogé, irungna pinuh ku getih da tadi ku kuring disiku, panonna bareuh sabeulah da ku kuring ditonjok sakuat tanaga.
“Enggeus-enggeus, éra ku tatangga, keun waé nu geus laksanamah, ridokeun da meureun lain jodo tétéh” kang Fikri ngupahan kuring. “(Kuring ngagukguk kana tak-tak kang Fikri) atuda kang kuring téh geus palid kanyaah ka kang Imron, geus 5 taun lilana bobogohan téh, naha atuh geuning kang Imron téh sulaya kana janji, bari ngareuneuhan awéwé, peurih kang haté abdi, asa ditubres ku keris nu dipurulukan ku bubuk céngék.”
Siloka 12/ 2016 | 16
“Hampura akang, Jeng” kang Imron ngadeukeutan kuring bari nyekel pamajikanna nu pinuh kénéh ku napsu. “Gandeng sia, jalma tukang lacut, ingkar kana janji, ka ditu indit bawa tah anak haram dina kakandungan ublag nu ku manéh dikawin!! hayu kang Fikri, anteurkeun kuring balik, teu sudi kuring mah kudu paamprok deui jeung jalma tukang jinah!!! Pamajikanna kaciri nyeuneu, manéhana mawa botol beling urut susu sapi hareupeun apartemén, tuluy kumanéhna dipeupeuskeun éta botol kana korsi urut kuring diuk, barang kuring ngalieuk, bresss éta peupeusan botol beling nubres kana jajantung kuring, peurihh kang, tapi teu sapeurih sulaya nu ku anjeun diburakeun ka kuring. Alam asa ngocéak, sahadat mawa sakarat, kaciri kénéh lalangit bodas nu amprok jeung malakalmaut, getih ngancer tina dada kuring, éta beling téh diputerkeun ku si Sinta, dicabut di tubreskeun deui, nepika ka lima kalina. Kuring ukur inget ka ema jeung bapa, nu ayeuna meureun bakal meunang béja, budakna nu dipikadeudeuh kiwari geus panggih jeung pati. “Naha atuh kang, cinta téh kudu diwales ku nyawa nu tunggara? Nitip saur ka ema jeung bapa, si nyai ogé nu keur capétang nyarita, kuring pati dina janji suci”....
- Tamat -
Siloka 12/ 2016 | 17
Sajak
Carita Rasa
Ku: Nurvina Lesmana
Dipirucaan ngabèwarakeun rasa Anu pinuh kabingahan, asih mapaykeun bagja Anu pinuh kapeurihan, rembay cimata ningalikeun kasedihan Kacida pisan èndahna, Silih asih silih cumponan ngagurat élmu dina kasenian ngawujud kakulawargaan dina kaorganisasian Kacida pisan sesahna, Meungkeut pageuh dilésotkeun Ninggang mangsa tinggal sosonoan sasarengan moal mayeung kantenan aya paturay tineung
Siloka 12/ 2016 | 18
Sajak
Puun Baduy Jero Ku: Widi Nugraha
Lamun hayang apal karahayuan Kudu bisa neang elmuna Beurat ngalaksanakeunna, ciciren hese miboga elmu karahayuan Lamun hayang jadi pamingpin Kudu panggih heula jeung puun baduy jero Dikurebkeun heula, jadi bukti kaikhlasan ati Peuting-peuting, dioboran “Lamun lulus maneh na salamet, lamun henteu ieu kuburanana� Ditutup make keteb, diruang Rahayat ka basisir nungguan nu dikurebkeun Singhoreng aya nu ngojay ti tengah laut ka basisir, nu dikurebkeun Atuh rahayat careurik Nu dikurebkeun disaktikeun ku Anjeunna Tempo nganjang panasaran, hayang panggih jeung nu jadi puun Sugan aya ciri imah puun Sugan aya ciri raksukan puun Sugan aya jelema tunggu di hareup imah puun Euweuh Kabeh sarua, jiga rahayatna Bajuna sarua, imahna sarua, euweuh ciri yen manehna puun Kaikhlasan nu jadi cirina, teu katingali ku panon bungkleuk Tah pamingpin mah kudu kitu Sarua, tapi hate kudu pang hadena
Siloka 12/ 2016 | 19
Borakses
Calana Kolor
Ku: Budin
Èwok: nèng kadieu heula sakeudeung Nèng: aya naon kang? (Nyampeurkeun) Èwok: ieu pang garokeun taeun akang (bari muka kolor) Nèng: (olohok) alaahhh siah..loba sireuman kieu kang, na kunaon atuh taeun teh bet di geumbrong ku sireum (bari di garo) Èwok: heu'euh nyaèta ti saprak makè kolor itu tuh (nunjuk kanu kolor) Nèng: alaahh..paingan ath, da kolor eta mah tadi di pakè ngelap cai gula tadi bahè.. Èwok: haduhh…kabiasa'an manèh mah ngelap sok kunaon waè, nyaho èta tèh kolor hiji-hijina (luwa lèwè rèk lèwèh)
Putus Hubungan
Ku: Budin
Maman :“Mun, hubungan urang teh tos we dugi kadieu nya ? Sanès Maman teu nyaah, tapi……….” Mumun :“Naon ari Maman ? Hubungan naon ieu tèh ?“ Maman :“Muhun, hubungan perkawis hutang“. Mumun :“Ngenah wè diputuskeun, atuh kuring rugi, wayah !“ Wkwkwkwkwk tepang deui di borakses taun payu pami aya kasempetan hehe........... Siloka 12/ 2016 | 20
Ter-Lises
Angket DPP DPP Gercep:
DPP Santai:
DPP Hebat:
Riri
Tanto
Riri
DPP Ganteng:
DPP Heboh:
Afif
Tia
DPP Cantik:
Niken
DPP Keren:
Riri
Siloka 12/ 2016 | 21
Afif
Ter-Lises
Angket Pengurus LUCU
NYEBELIN
RIWEUH
CARE
RAJIN
Aam, Ojan
Aziz, Widi
Widi, Rena
Mpe, Ewok
Lukman, Tika
BAPER
PEKA
MENARIK
FAVORIT
MALES
Mpe, Widi
Mpe, Ewok
Adel, Lukman
Ewok, Adel
Ojan, Ayu
Siloka 12/ 2016 | 22
Angket Pengurus LEMOT
SELOW
NYAMAN
Mpe, Ewok
Dela, Adzkan, Adel Ter-BPH:
Ewok
Abil, Yusuf, Wisnu
Ter PSDA:
Mpe Ter-Litbang:
Aam Siloka 12/ 2016 | 23
Ter-Diklat:
Ter-Pementasan:
Bila Ter-Humas:
Rena Ter-RT:
Budin
Atika
3S
Sisi-Sapa-Salam Sisi : sekum anu bageur sareng rajin nabung Sapa : bikini bottom inti, inti gosip, inti goes to MA Salam: you're rock guys!!!!!! Abdi nyaah pisan kasadayana. See you on the top. ♥♥♥
Sisi : Aam Sapa : DP & DPP Salam : Hatur nuhun èlmuna salami kapengurusan sataun kapengker, bagja jeung sedih karaos pisan, pangalaman anu berharga. Sanaos kapengurusanna tos rèngsè, silaturahmina tetep kedah dijaga. #lovyu
Sisi : Muhamad Lukman Firdaus Faturohman Sapa : DP & DPP Salam : Aya rasa sedih, bungah, bagja, pokoknamah campur aduk we. Pangalaman anu karasa pisan salami kepengurusan ieu. Seueur pisan elmu nu manpaat pisan. Mugia kangge kapayunna langkung sae deui. THE BEST LAH POKONAMAH
Sisi : Yuri Sapa : Indrawarman Sisi: Sing rempeg wa, tèrè taun baruan, mèh beubeunangan
Sisi : adel Sapa : purnawarman dan indrawarman Salam : Wilujeng janten pengurus taun payun. Akan banyak kerikil yg menghalangi jalan kalian. Kuncinya satu : percaya.Percaya kalau masalah akan menemukan jalan keluarnya sendiri dan percaya pada teman-teman pengurus satu sama lain. Titip Dewan Pengurus Lises yaaa! Sukses kalian, teteh pergi dulu♥
Siloka 12/ 2016 | 24
Teka-Teki Silang
Kunci Jawaban
Ku: Divisi Litbang
Edisi:
Agustus
Mudun
Datar
1. Tarawangsa 2. Sumedang 3. Pangestu 4. Agul 5. Sono
1. Rancakalong 2. Remeh 3. Baham 4. Alim 5. Tepang Tahun
Mudun
Datar
1. Alewoh 2. Kabaya 3. LKO 4. Sonten 5. Akang
1. Bocokok 2. Lebaran 3. Lauk Indosiar 4. Sauyunan 5. Nini
Siloka 12/ 2016 | 25
Edisi:
Oktober
?
Siap-Siap
Saha Pupuhu Salajengna
Siloka 12/ 2016 | 26
LISES UNPAD Komplek UKM Barat Universitas Padjadjaran Jl. Raya Jatinangor KM 21 Pementasan: 085659851413 Humas: 085721009104 kontaklises@gmail.com
@Lisesunpad
Lises Unpad
Lises_unpad
LisesUNPAD
lises.unpad.ac.id