Édisi
x
Assalamualaikum Wr. Wb. Rohmat salam ka Jungjunan, Abdi syukuran ka pangersana pangéran sareng Nabi nu janten panutan. Syukur Alhamdulillah, Siloka édisi Oktober 2016 parantos réngsé, berkat Tim Rédaksi sareng penulis anu tos tiasa ngarojong sareng tiasa ilubiung tina proses awal dugika akhir, teu aya ucap nu sanés salian ti ngahaturkeun nuhun, ogé ka para pembaca Siloka édisi kapengker, anu tos masihan saran nu ngawangun pikeun kawujudna ieu Siloka. Siloka édisi ayeuna téh ngagaduhan téma nyaéta “Hadé Tata, Hadé Basa” dina téma ieu téh hartosna saé kalakuan atanapi tingkahlaku tur saé basana. Janten, dina eusi Siloka ayeuna leuwih ngabahas ngenaan laku lampah sareng basa urang Sunda sapertos kumaha, upami langkung jéntréna mah mangga buka waé kaca anu salajengna. Teu hilap ti Tim Rédaksi ngantos kritik sareng sarana kasadaya nu maca, sangkan Siloka édisi kapayunna langkung hadé ti Siloka nu ayeuna. Bobo Sapanon, Carang Sapakan. Tim Rédaksi nyuhunkeun dihapunten tina sadaya kalepatan. Wassalamualaikum Wr. Wb
Pemimpin Redaksi Nurvina Lesmana
Pemimpin Redaksi Nurvina Lesmana Wakil Direksi Magda Natalia Editor Upit Sarimanah Layouter Vara Leoni Penerbit Divisi Humas
1 2 2 3 5 7 9 11 13 15
Pangjajap Tim Redaksi Daptar Eusi KABAR LISES Evaluasi Latihan Rutin Sabila Sérén Taun Cigugur Yuri Dewi Bébérés Sékré Sinta Nuraprilia Diskusi Budaya Raksukan Sunda Upit S LKO Dela Triastuti Potret Nabeuh ARTIKEL Kabaya Sunda Papaés Wanoja Sunda Rima Nuryani
17 19 21
23 24 25 26 26 27 29
SAMBAS Siti Hajar Riyanti CARITA SAMBUNGAN Carita Sambungan Edisi Agustus Rima Nuryani Carita Sambungan Edisi Oktober Rima Nuryani SAJAK SUNDA Caah Ayim Rumawat Basa Yuri Dewi Rumasa Yuri Dewi BORAKSES Peuyeum Ojan Tukang Manuk Ojan 3S Sisi-Salam-Sapa TTS Teka Teki Silang
Ku: Sabila
Evaluasi Latihan Rutin Lises Unpad dilaksanakeun kaping 17 September Lises Unpad anu tujuana kanggé méntaskeun anggota anyar sareng entragan Evaluasi Latihan Rutin 2016 ieu salah sahiji bukti yén Lises Unpad ngiring generasi muda. Tampilan dina acara Evaluasi Latihan Rutin ieu dipintonkeun ku Wisnuwarman. Matéri nu dipintonkeun aya musik sareng tari. Materi musik: gendu, jaran mabur, waled, tumenggung puspa, gending pirigan tari. Matéri tari kanggé kelas dasar (entragan Indrawarman) diantawisna kelas lanjutan (entragan Purna&Wisnuwarman) diantawisna: tari badaya, tari tari topéng tilu watak. Dina Acara ieu ogé aya pangajé pikeun ngajén pamilon Alhamdulillah acara Evaluasi Latihan rutin kaping 17 September 2016 ieu meni reeus ningal sadaya pamilon evaluasi latihan rutin mintonkeun nu terbaik. Hatur nuhun ka sadaya wargi anu tos ngabantosan acara evaluasi latihan Ade, Kang Opik, Kang Itet. Hatur nuhun. Hatur nuhun ka para asistén pelatih nu Hatur nuhun oge ka sadaya peserta nu tos ngiring Evaluasi latihan rutin. Teras Teu hilap ka panitia Evaluasi Latihan Rutin 2016 nu tos siap nyelengga acara ieu. Hapunten bilih salami proses aya kalepatan cariosan atawa tingkah Alhamdulillah.... Mung rasa kabungah .... Hatur Nuhun
Credit: Yulis (Purnawarman)
Nur Aprina
2016, acara ieu mangrupi salah sahiji prokerna divisi pendidikan dan pelatihan muda anu kénging pelatihan matéri salami latihan rutin. ngarojong budaya sunda, ngamekarkeun budaya sunda, khususna dikalangan sababaraha entragan, nyaéta entragan Indrawarman, Purnawarman sareng tatalu, tablo, gawil,colénak, larkili, galatik manggut, sunda mekar, sareng aya tari merak, tari kartika puspa, tari katumbiri, tari monggawa. Materi kanggé monggawa naek gagahan, tari sonteng (seunggah), tari kembang tanjung, nu ngring evaluasi latihan rutin. Aya 3 pangajén: Pak Yuli, Kang Azuz, Kang Ajey. lancar diselenggarakeun, seeur apresiasi ti penonton anu hadir dina acara ieu, Sagala hal anu tos dilalui ti awal mula latihan rutin akhirna kapintonkeun. rutin. Acara ieu tiasa langkung saé ku ayana bantosan ti pelatih nyaéta Kang tos ngadampingan peserta evaluasi ti awal dugi ka akhir acara ieu réngsé. tingkatkeun rajina, sumangetna kangge ngiring ngarojong budaya sunda. rakeun ieu acara, sareng wadya balad lises anu tos sumping sareng ngarojong laku anu kirang merenah ka sadaya, teu seeur kata anu tiasa kaungkapkeun,
Cre
Ku: Yuri Dewi edit: Galaazhar
Parantos janten hiji tradisi dina kaping 22 rayagung saka sunda, masyarakat agraris Desa Cigugur, Kabupaten Kuningan ngayakeun prosesi adat “sérén taun”. Acara sérén taun ieu diayakeun tikawit taun 1840 di gedung Paseban Tri Panca Tunggal. Ieu prosesi adat téh mibanda siloka pikeun wujud syukur kalengahing Gusti Nu Maha Tunggal anu parantos masihan berkah dina mangsa panén salami sawarsa. Lain saukur pintoneun pikeun warga Cigugur sareng sabudereunnana, nanging ogé seueur masyarakat ti luar Kabupaten Kuningan dugi ka aya ogé turis mancanegara anu ngahaja sumping pikeun nyaksian ieu acara. Masyarakat anu masih panceg kana kapercantenan Sunda Wiwitan ilaharna masih ngalaksanakeun ogé mituhu kana upacara adat ieu. Kaistiméwaan anu aya dina prosesi adat sérén taun Cigugur nyaéta sanés mung ukur masyarakat Sunda Wiwitan anu ilubiung dina runtuyan acara téh, nanging ogé ngalibatkeun sadaya elemen masyarakat Cigugur. Sanajan masyarakat Cigugur kiwari tos janten masyarakat multigama, nganging rasa rumasa jeung tumarima kana purwadaksi Sunda kalintang ageungna. Boh masyarakat Nasrani, Islam, Budha, Konghucu nu aya disabudereun Kuningan, sadayana masih kénéh mikahéman kana acara adat Sérén Taun. Henteu sakedik ogé masyarakat sabudereun Kuningan dipercanten janten panata calagara tiap taunna. Kusabab kitu, prosesi acara Sérén Taun Cigugur lain ukur prosesi adat panén hungkul, tapi ogé lian ti éta dijantenkeun sumanget pikeun hirup sabilulungan ogé sapangartian dina sumanget toleransi. Teu anéh deui, budaya Cigugur Kuningan katut masyarakatna dijantenkeun cicirén warisan luluhur lokal anu dimumulé ku pamaréntahan khususna Kabupaten Kuningan, Jawabarat.
Ku: Sinta Aprilia
Dina kaping 02 Oktober 2016 Lises Unpad parantos ngayakeun acara Bésék anu ka 4 kalina. Bésék ieu mangrupikeun salahsahiji program kerja ti Divisi Rumah Tangga Lises Unpad. Bésék téh nyaéta singkatan tina Bébérés sékré, kagiatan ieu biasana diayakeun dina minggu ka opat unggal bulanna. Salahsahiji agénda bulanan ti Lises Unpad pikeun ngajagi kabersihan sareng karapihan lingkungan sékré. Salian ti éta, bésék ieu ngagaduhan tujuan pikeun ngaraketkeun deui tali silaturahmi tiap angkatan nu aya di Lises. Didinya urang tiasa wawanohan sareng wadya balad lises. Tiasa katingali dina bésék édisi kamari nu sumping aya ti entragan darmayawarman dugika angkatan paling bungsu nyaéta indrawarman. Sok sanaos nu sumpingna teu seueur, tapi urang tiasa ningali kumaha kompakna wadya balad lises dina ngarumat sékré anu dipikacinta. Bésék téh biasana dikawitan tabuh 09 dugi ka réngsé. Wadya balad lises a n u s um pin g k a sék ré ba kal di bag i k a tiap - tia p r ua ng nu ay a
Credit: Wisnu (Purnawarman) supados henteu aya rohangan anu kalangkung teu kaberesihan. Acara bésék ieu biasana dipungkas ku acara botram, ngariung tuang sasarengan di hiji tempat. Sok sanaos réncangna saaya-aya tapi nikmat tiada tara. Harepan ti Divisi Rumah Tangga, ku ayana bésék ieu wadya balad lises tiasa mikacinta sareng ngarumat sékré. Lain saukur tiasa nganggo sareng ngotoran hungkul ku sabab sékré ieu dianggo sasarengan, dibersihanna ogé kedah sasarengan. Lamun teu diberesihan ku urang rék ku saha deui. Kukituna kanggo wadya balad lises anu teu acan kantos ngiringan Bésék hayu ah urang kosongkeun jadwal kanggo Bésék sasih payun. Yuhuuuuuuuuuu.
Lingkung Seni Sunda (LISES) Universitas Padjadjaran (UNPAD) ngayakeun kagiatan dis-kusi budaya anu ngaba-has ngeunaan pakéan tra-disional Sunda. Kagiatan diskusi budaya ieu téh mangrupa salahsahiji pro-gram kerja ti divisi Peneli-tian dan Pengembangan (LITBANG) LISES UNPAD. Acara diskusi budaya diayakeun kaping 8 Oktober di kampus UNPAD Dipati Ukur, kota Bandung. Dipasihan téma “raksukan Sunda”, panitia ngulem panyatur anu ahli dina widang raksukan Sunda. Aya opat panyatur anu medar ngeunaan raksukan Sunda dina ieu diskusi budaya. Panyatur kahiji aya kang M. Asep Hadian Adipraja anu mangrupakeun salahsawios tokoh pemerhati budaya, aya ogé Prof. Drs. Jakob Sumardjo filsuf ti ITB, sareng Kang Deri Eka Firmansyah, S.Pd, sareng aya ogé kang Boni ti Disparbud, anu di moderator ku téh Siti Hajar Riyanti. S.P. Tag line kanggo acara ieu nyaéta “kuring wanoh tur mikacinta raksukan sunda” anu dijerona ngandung harepan sangkan wanoja sareng jajaka sunda kiwari
tiasa mikawanoh sareng Sunda khususna raksukan S
Humas Lises UNPA nyebutkeun yén ieu téh divisi Litbang Lises anu d Perguruan Tinggi ny pengembangan budaya, kh
“Tujuan diayakeun sangkan urang Sunda teu k
mikacinta kana budaya Sunda.
AD, téh Allisya Pajarwati mangrupa program kerja di candak tina Tri Darma yaéta penelitian dan hususna budaya Sunda.
nnna ieu diskusi budaya téh u kaleungitan jati dirina,
Credit: Nandar (purnawarman)
Ku: Upit S
salahsawiosna nyaéta dina raksukanna. Sareng Lises ogé ngagaduhan harepan sangkan kahareup urang sunda langkung ngarasa reueus tur tiasa ngamumulé budayana.” pungkas anjeunna. Pamilon dina ieu diskusi téh sanés mung saukur mahasiswa, tapi ogé aya ti paguyubanpaguyuban sunda ti luar kampus, sareng komunitaskomunitas anu saleresna teu aya pakuat-kaitna sareng kasundaan tapi anjeunna panasaran kana kabudayaan Sunda.
Ku: Dela Lingkung Seni Sunda Universitas Padjadjaran (Lises Unpad) terus ngusahakeun pikeun ngamumulé seni jeung budaya Sunda khususna nu aya di lingkungan Jawabarat, pikeun ngalaksanakeun tujuan éta tangtuna dibutuhkeun jalma-jalma pinunjul anu ngabogaan sikep pamingpin. Sagala cara dilakonan sangkan Lises Unpad bisa leuwih maju tur bisa ngawujudkeun naon anu jadi tujuan téh, salahsahijina nyaéta ngayakeun pelatihan ngeunaan kaorganisasian pikeun anggota anyar Lises. Latihan Kepemimpinan dan Organisasi (LKO) nyaéta mangrupa salahsahiji carana pikeun ngadidik jalma-jalma pinunjul, ngabogaan mental kuat tur mangfaat sangkan bisa ngawujud-keun tujuaan mulia Lises Unpad. Credit: Aulia (Wisnuwarman)
LKO Chandradimuka 2016 ieu téh diayakeun kaping 15 – 16 Oktober 2016 di Villa Pinus Jairoke, 21 urang anu jadi pamilon dina LKO ieu mangrupa 2 angkatan pang ngorana di Lises nyaéta angkatan Purnawarman sareng Indrawarman anu kapayunna bakal kapapancénan pikeun jadi pengurus inti di Lises. Acara LKO disusun ku kagiatan-kagiaan anu teu matak ngabosenkeun. Salian ti matéri-matéri anu di
Triastuti
pasihkeun ka para pamilon panitia ogé ngayakeun permainan supaya pamilon teu ngarasa bosen. Dina LKO ieu pamilon dilatih pikeun kerjasama tur bisa méréskeun masalah babarengan anu diaplikasikeun dina permainan-permainan. Matéri anu dipasihkeun ka para pamilon téh nyaéta matéri ngeunaan kapamingpinan,kasundaan jeung kaorganisasian sarta kalisesan. Salian ti éta pamilon ogé diwajibkeun milih divisi anu aya di Lises anu dipikahoyong, lajeng para pamilon dipendakeun sareng SC-na masing-masing. dina hiji pos pik e un lang k ung terang tugas div isina mas ing -mas ing. Sala jengna aya simulasi organisasi sangkan pamilon mikawanoh pola kerja atawa sistematis Credit: Aulia (Wisnuwarman) kerja tiap panata calagara dina ngajalankeun acara anu aya di Lises Unpad. Luaran nu dipiharep tina acara LKO ieu nyaéta sangkan para pamilon bisa nambahan pangaweruh ngeunaan budaya organisasi Lises Unpad, ngamekarkeun poténsi diri anu pakuatkaitna jeung kaorganisasian tur nyiapkeun calon Dewan Pengurus Lises Unpad anu énggal.
WEST JAVA FESTIVAL Credit: Melinda (Purnawarman)
Kabaya mangrupakeun hiji raksukan anu geus teu bireuk deui pikeun wanoja Sunda ogé Jawa. Leuwih jéntréna, kabaya téh mangrupe-kun hiji pakéan anu leungeuna
Ku: Rima Nurya
panjang anu dipaké dina palebah luareun kaén atawa sarung anu nutupan sabagéan awak. Ari dina kamus R.A. Danadibrata mah, kabaya téh nyaéta baju awéwé, minagka kancingna maké orlét atawa panitih; samangsa wanita maké_sok maké samping atawa sarung;_papakéan sapopoé. Mun ceuk KBBI mah, kabaya téh nyaéta kebaya/ke-ba-ya/ n baju perempuan bagian atas, berlengan panjang, dipakai dengan kain panjang. Mun ditilik tina asalna, kabaya téh lain raksukan asli Indonesia, siluet tina kabaya mangrupakeun pengembangan baju panjang anu asalna ti ChinaAsia. Kabaya asal katana tina kata “cambaia” hiji kota di India, anu masyarakatna nyieun jeung dagang tekstil ka pulo anu aya di Samudera Hindia. Bahan anu ditawarkeun ku bangsa India harita téh mangrupakeun cita ipis nu diaranan muslin atawa namsuk nu disurupkeun jeung kaayan patempatan anu panas. Bahan éta téh beuki lila disebut kaén Cambaj (kambai), anu kadieunakeun dingaranan kabaya. Nu jadi sorotan téh kabaya Jawa Barat, bentukna rupa-rupa, biasana mangrupa blus pondok, bagian hareupna teu maké tambahan nanaon, lolobana maké lekuk dina palebah beuheung, dijieun tina brukat atawa sutera anu rupana caang, leungeun bajuna rada lega dibandingkeun jeung kabaya Jawa Tengah. Kaén batikna dililitkeun ku cara nu biasa (teu maké wiron), rupana ogé sarua caang. Raksukan anu dipaké ku wanoja sunda biasana rupana sok caang.
ani
Numutkeun sajarah, perkembangan kabaya Sunda bisa diruntutkeun kana kabiasaan raksukan wanoja Sunda ti mimiti nu sederhana nepika anu ruparupa siga ayeuna. Pembabakana nyaéta: Mangsa munggaran, ngan maké apok, anu ditutup ku saléndang Mangsa jaman pertengahan, baju salontreng, sabangsa baju kurung Mangsa ayeuna, baju kabaya rupa-rupa corak, aya Corak Sartika (Kartini) cirina maké surawe/létah, kraag, alas kaki kudu katutupan, kongkorong dipaké di jero, paniti kudu nyusun tilu, bross/ranté, saléndang, kurabu/subang anu aya mataan sabangsa inten, berlian. Corak Cowak, segi opat, segi lima, jeung variasi anu séjéna, selop maké anu ka buka, kongkorong ukurana pondok dipaké di jero, antel kana beuheung, teu maké paniti/bros, teu maké anting, maké saléndang motifan atawa polos. Sajarah kabaya mimiti ayana abad ka-15 Maséhi. Jaman harita, kabaya mangrupakeun busana khas wanoja Indonésia, utamana wanoja Jawa. Mangsa pertengahan abad ka-18, aya dua jenis kabaya nu dipaké masyarakat, nyaéta kabaya Encim, jeung kabaya Putu Baru. Dina abad ka-19, unggal poé kabaya dipaké ku sakabéh kelas sosial. Nepika kabaya jadi raksukan wajib pikeun Wanoja Walanda nu hijrah ka Indonésia. Ferry Setiawan, salah sahiji perancang busana, anjeuna nyarioskeun dina éra 1940-an, kabaya dipilih ku presidén Soekarno pikeun kostum nasional. Jaman harita, kabaya dijadikeun raksukan tradisional wanoja Indonésia sarta jadi lambang émansipasi wanoja Indonésia. Kusabab, kabaya téh mangrupakeun raksukan nu dipaké ku tokoh kebangkitan perempuan Indonésia, Raden Ajeng Kartini. Éta téh salah sahiji program anu kalintang saéna, sangkan ti bubudak urang bisa wanoh ogé nyaah kana budaya sorangan. Ulah nepika kabaya kasilep ku ruparupa pakéan bangsa deungeun.
Ku: Siti Hajar Riyanti
Naon ari basa Indung téh? Asalna tina bahasa Inggris “your mother tongue means your birth language, or your mother language” hal éta nunjukeun ‘A parent language’ nyaéta basa indung téh hartina basa anu digunakeun ku indung/kolot ka anak anu kungsi di kandungna. Definisi séjénna ngeunaan mother tongue nu uninga in this case tongue means langue. It is called tongue because it is the language spoken by the mother country in which you were born”, nu ieu mah pihartieunana kurang leuwih basa indung téh nyaéta basa daérah nu aya diwewengkon dimana urang dilahirkeun. Nilik kana sababaraha harti tina basa Inggris diluhur, basa indung téh nyaéta basa daérah. Ogé harti séjénna basa nu digunakeun ku indung/kolot ka anakna. Ngan dina palebah dieu ayeuna mah teu bisa jadi katangtuan, sabab réa indung-indung sunda anu teu ngagunakeun jeung ngajarkeun basa sunda ka anakna sok sanajan kulawargana asli urang Sunda jeung cicing di tatar Sunda, atuh ku ayana tarékah UNESCO netepkeun poé basa indung sadunya téh ulah mung saukur aya dina tataran selebrasi wungkul, tapi kudu karasa implikasina kana kahirupan kabahasaan nu aya dimasarakat. Kasangtukang panyatur basa Sunda dimimitian ti lingkungan kulawarga jeung masyarakat. Nu jadi panginditan kamampu basa Sunda munggaran geus pasti ti lingkungan kulawarga, ngan hanjakal, kiwari geus ngurangan kulawarga Sunda anu nyatur sapopoéna ngagunakeun basa Sunda utamana dikalangan nonoman, istilah basa indung nu ditudung jeung dipaéhan ku indungna sorangan téh mimiti kabuktian ku mahabuna gejala barudak Sunda nu tibarang gubrag ka alam dunya teu diwarah ngagunakeun basa Sunda, tapi dicekokan ku bahasa malayu nepika barudak teu apal dibasa
indungna sorangan nu antukna barudak teu mibanda rasa kareueus kana basa indungna salaku basa warisan karuhun nu luhung, sikep kolot-kolot kiwari kitu téh dumasar kana sababarah alesan, boh sieun salah ngomong ngagunakeun basa Sunda, boh kasieunan barudak katingaleun pangajaran basa Indonesia di sakola/anggapan basa Sunda téh basa nu kurang gensina jeung kampungan. Faktor lingkungan ogé mabanda pangaruh nu gedé pikeun kamekaran basa Sunda. Geus kama’lum kondisi kiwari masarakat Sunda téh sifatna heterogen, utamana nu aya di kota-kota, tapi saupama akses jeung pengembangan bahasa tetep dijaga jeung dironjatkeun geus tangtu bakal cukup ngadukung kamekaran basa Sunda. Contona baé ngaliwatan media citak, sarta siaran radio jeung tipi. Geus sakuduna dilobaan acara-acara, disagédéngeun nu teu éléh pentingna akses kasenian nu gampang sangkan masarakat bisa ngadukung kana kamekaran basa Sunda, kusabab kasenian bisa jadi salah sahiji media pikeun ngawanohkeun basa Sunda. Jauh saacan Walikota Bandung, Kang Emil, nerapkeun rebo nyunda, Lises Unpad miboga hiji program nu tujuanna nyaéta pikeun ngabiasakeun anggota Lises dina komunikasi ngagunakeun basa Sunda. Program éta dingaranan “Sambas”: Sapoé maké basa Sunda. Ngan dina taun ieu hartina diubah jadi “Sapopoé maké basa Sunda.” Tujuan tian diayakeunna ieu program téh supaya ngabiasakeun diri komunikasi ngagunakeun basa Sunda anu dina enyana nyaéta basa indung sakabéh urang Sunda. Salila program ieu diayakeun, masih loba kénéh kendala anu kudu disanghareupan ku pengurus Lises, salah sahijina nyaéta aya anggota Lises nu teu ngarti basa Sunda saeutik-eutik acan, aya deui anu sieun ngomong kasar tur teu geunah lamun ngobrol maké basa Sunda. Hal ieu dijadikeun tonggak pama’luman pengurus ka anggota, matakna pelaksanaan program Sambas téh teuacan épéktip. Kuduna, ti pangurus (nu dimaksud utamana Litbang jeung nu séjénna) sorangan kudu nyontoan ngobrol maké basa Sunda, sangkan anggota nu séjén ogé leuwih wani maké jeung diajar basa Sunda. Siga paribahasa “cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok”, naon wé anu dilakonan, lamun dileukeunan, hasilna tangtu bakal luar biasa. Kitu deui dina program Sambas ieu, saeutik-saeutik diajar basa Sunda, lila-lila jadi bisa.
Ku: Rima Nuryani Hiji poé manuk piit dagangana teu payu hiji-hiji acan, manéhana ngarasa nalangsa kabina-bina. Eeuwueh jang dahar pamajikan, euweuh jang ngirim ka pasantrén, bari bagéan nganteuran. Manuk piit kacida bingung, nepika datang poék dagangana teu payu hiji-hiji acan. Kabeneran harita peuting juma’ah, manuk piit asup ka hiji masjid anu kacida agréngan, asa kakara nempo ieu masjid biasanamah didieu téh ukur aya tajug leutik bari geus barobo. Ah teu réa mikir, manuk piit solat, ngaji qur’an, teu eureun-eureun nepika tengah peuting manéhanana kasorang tunduh pisan, teu inget bumi alam, poho balik teu inget kana lapar. Manuk piit ngimpi, aya hiji mahluk kacida ahéngna datang nyampeurkeun manéhanana, ngajak nganjang ka langit. Manuk piit dibéré jangjang kacida éndahna, pinuh ku permata, berlian, ogé seuseungitan. Hiberna gancang, ngaleuwihan gancangna kapal luhur. Tepi ka hiji tempat nu dingaranan Qiyamullail, tempat pikeun mahluk anu to’at, ibadah getol, tur sobar. Manuk piit titah naék kana tangga anu hérang alahbatan hérangna cai, pinuh ku kekembangan, seungit alahbatan kasturi. Manuk piit ngapung mapay tangga nu nuju ka langit, manuk piit molotot teu kiceup-kiceup, nempo sababarha kajadian anu mantak aringis, ogé mantak kumerot. Dug..dug..dug sora bedug ngahudangkeun manuk piit, bareng gurinyal manéhana reuwas kabina-bina. Naha kuring saré dimana, ieu imah saha, geuning deukeut jeung masjid. Nu kacida mantak reuwasna, naha kuring jadi jelema, kasep, jangkung gedé, siga ménak. Barang nempo kasagigireun, aya awéwé geulis lir bidadari, hayang nyabak tapi sieun lain mahram kuring, duhhh geulis pisan, lambé lir amisna madu, mantak uruyyy. “Gustii, ieu téh ngimpi?? naha kuring jadi jelema, ieu awéwé saha, ieu imah saha?”
“Akang hudang.. akangg!! hayu gera balikk..” gurinyal nyaan éta manuk piit, hudang. Eulueh ning ngimpi, akang hayu balik di imah aya nu tamu, abi sapeupeuting néangan akang, ari seug akang saré di tajug. Manuk piit balik jeung pamajikanana, sapanyang jalan manuk piit nyaritakeun ngimpi ka pamajikana, pamajikana ukur bisa seuri bari teu percaya. Manuk piit nepi ka imah, bareng tepi gura-giru néang tamu tapi euweuh sasaha ukur aya pipiti ditutupan ku daun rupa emas, jeung aya surat. Bareng dibuka éta pipiti, manuk piit reuwas kabina-bina. Eusina aya emas, permata, berlian. Suratna dibaca ”Hey piit Abdul Qodir, ieu ganjaran pikeun anjeun nu sobar, getol ibadah, teu daék ngadeukeutan awéwé dina ngimpi anjeun, ajak babaturan manéh jeung bangsa manusa!”. “Ya Alloh, Gusti nu murbéning alam, abdi syukur sujud ka gusti, hampura abdi lalawora”, manuk piit sarujud bari ceurik. Isukna, manuk piit mawa amanah nu rék dibéwarakeun ka manusa jeung baladna. Manusa bisa narima, tapi baladna ukur bisa ngécé bari teu percaya. sakabéh manusa asup islam, ngaji, ogé maraké baju. Manuk heulang, japati, merak, ogé manuk béo ukur bisa sareuri anéh ka manusa nu bisa percaya ka manuk piit. “Bongbong jelema géloo, bodo, daék wé ibadah kanu euweuh rupa jeung jugruganana”. Manuk piit ukur seuri bari némbal ”anjeun teu percaya, ké disampeur ku naraka”. Manuk piit beunghar euweuh nu nandingan, budakna nu cikal jadi qori’ah, nu kadua jadi ustadah. Duh kacida bagjana, bangsa manusa ibadah kanu Kawasa. Beuki lila manuk nu ngécé ka piit, béak diboro ku manusa ku sabab mantak ngariweuhkeun alam dunya. Manuk heulang, japati, merak, ogé manuk béo diala ku bangsa manusa, aya nu didahar, dijula ogé dikurungan jang aangonan. Manuk piit kur seuri rada karunya, nempo babaturana béak ku manusa. Manuk piit getol ibadah ogé sodaqoh, to’at ka gusti nepika maot. (...TAMAT...)
Ku: Rima Nuryani Lima taun kuring bobogohan jeung si Akang, oléng dina kaasih jeung kahéman. Bagja, sangsara babarengan, amis pait disépak ku kasatiaan. Enya harita mah kuring téh lolong ku cinta, percaya euweuh curiga, ngan anjeuna nu jadi bébéné ogé widadara nu sok kokolébatan dina impénan. Kang Imron ngarana téh, jajaka kampung sabeulah nu ngajadikeun haté kuring beulah, santri kahot nu direbutkeun ku santriyah Al-Hikmah daérah Langkap-Lancar Pangandaran. Mimiti kuring amprok jeung anjeuna dina acara pramuka, basa kuring keur MTs kénéh, ari anjeuna sakola di MAN 2 Pangandaran, sok rajeun datang ngajar pramuka ngagenténan pak Ilham nu harita jadi pembina pramuka di sakola kuring. Barang amprok mah kuring téh bendu ka anjeuna, bongan galak bari tegas teuing, tara seuri-seuri acan, tapi beuki lila ditilik-tilik téh geningan kasép, alah kuring asa kapépéndé mun keur dicarékan ogé. Singket carita kuring beuki apét jeung manéhna, patukeur nomer, saban poé jeung peutingna teu eureun sms an. Nepika kuring téh jadian (bobogohan) nepika anjeuna lulus. Ari ti saprak lulus anjeuna daptar ka paguron luhur nu aya di Bandung, ngarana téh Universitas Padjadjaran, nyokot jurusan Sunda. Tah ti dinya wé kuring jeung manéhna LDR (long distance relationship) ceuk gaul namah, alias jauh dijug-jug anggang ditéang. Ripuh pisan karasana, nu tadina saminggu sakali sok papanggih ayeuna kudu pajauh, atuh da énya jarak Pangandaran-Bandung téh jauh pisan, bari kuring mah Pangandarana ka gunung, sisi séjén Pangandaran sigana Langkap mah. Hubungan téh ukur ngandelkeun hapé, nelepon ogé tara unggal poé paling remen saminggu sakali, da cenah sibuk ku tugas ogé organisasi. Ahh kuring téh percaya wé da can ngalaman kuliah. Kana 2 taunan tah hubungan téh karasa haneut kénéh, ari pas kuring kaluar ti sakola SMA, hubungan téh beuki jauh, jarang kontékan, boa aya sabulan sakali ogé, bari ukur dina sms hungkul. Da haritamah kuring téh can apal media sosial, sanajan sawaréh babaturan aya nu geus bogaeun sabangsaning akun pésbuk. Kuringmah teu kabita harita téh, ku sabab hapéna nit-nit kénéh, jadi wé gapték (gagap téknologi). Beuki lila beuki curiga, anéh ku kalakuana nu sok babarian nyentak ogé babarian ngajakan eunggeusan, capé cenah alesana téh. Sabérés sakola kuring miluan seléksi béasiswa, rék nuturkeun manéhna ka Ban-dung. Tapi hanjakal kuring teu lolos di Universitas Padjadjaran téh, tapi lolosna di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) jurusan Pendidikan IPS. Ahh keunwaé,
da lumayan deukeut ari ukur Lémbang-Jatinangor mah, bisa papanggih dua minggu sakali mah. Tapi pas kuring dianteurkeun ka Bandung ogé, anjeuna teu manggihan-manggihan acan, di telepon ogé teu diangkat, malahan teu aktip. Kuring lunta di Kota Kembang, teu boga jang nyarita, geus lir nu dipénta pitulungmah. Hiji poé kuring nékad, rék ulin ka Jatinangor, tempat kang Imron kuliah. Harita téh poé juma’ah kabeneran euweuh kuliah. Kuring tatanya ka saban jelema, atuh da Unpad téh lega pisan, kuring cindukul handapeun tangkal sawo bari nginum jus alpuket. Ujug-ujug aya nu nyampeurkeun, sigana kacirieun kuring keur meunang kabingung. Manéhna pok ngomong: “Assalamu’alaikum téh” ceuk manéhna bari dodongkoan. “Wa’alaikumussalam” témbal kuring. “Manawi nuju milarian saha, katingalina siga nuju bingung?” seuri manisss pisan, aya lisung dina pipina. “Puguhan ieu téh ang, abdi téh nuju milarian pameget anu jenengana kang Imron, urang Pangandaran” kuring bari ngasongkeun potrétna kang Imron. “Euleuh atuh ieumah sobat abdi, kaleresan saorganisasi” “Kaleresan atuh ang” (tapi kuring rada curiga, sieun téh rék nipu), tapi maenya da kacirina jalam soléh pisan. “Éhhh kalah ngahuleng, hayu atuh ku abdi dianteurkeun ka bumina”. “Hahh bumi?” kuring olohok..”maksadna kostanana?” “Ih sanés, anjeuna tos kagungan bumi, apartemén, malahanmah pagigir-gigir jeung kuring aparteména téh” “(Kuring olohok kénéh, tapi ah meureun kang Imron meunang milik gedé, jadi kabeuli apartemén sagala, alhamdulillah) kuring ngagerentes na haté. “Hayu atuh téh, kabujeng hujan, da sakieu tos angkeub pisan”. Teu lila ka apartemén téh da dina mobil, Honda Jazz, kakaraeun saumur nincak taneuh kuring tumpak mobil anu sakieu alusna, asa ngimpi, bari sakeudeung deui bakal amprok jeung bébéndé. Kuring naék lip, lantai 10 aparteménna téh. Tombol nu dina panto ku ang Fikri di pencét dua kali, enya lalaki nu nganteurkeun kuring téh ngarana kang Fikri, Fikri Mustopa saurna téh, euweuh nu muka geuning ceuk haté téh. Tapi pas ngalieuk ka tukang, katémbong aya lalaki anu asa apal, éh gening kan Imron, tapi naha jeung awéwé. “Kang Imroooon (kuring ngajorowok ilang kaéra)” “(Kang Imron ngagedig semu teu percaya) Ajeng?” “Akang, kamana waé atuh, awis tepang geuning, abi sono kang! (kuring ngaharéwos semu imut)”. “Manawi ieu istri téh saha kang, naha meni ngagontél kitu?” “Éta jeng, anuu” (siga nu bingung, beungeut beureum siga harénong asak) (.........Bersambung.........)
Ku: Ayim
Tujuh umpak ninggang taneuh Sagara nubres poé nu saré Ratu Kidul ngajampé cai nu bahé Langit angkeub di tung-tung méga Laut peureum handapeun mata Séakkk…angin moro jalma tunggara Meupeuskeun haté, nyésakeun lunta Singhoréng nyata… Kuring keur oléng na impénan Moro katumbiri nu dipapaés kasturi Geuning ayeuna… Sumedang pupus ku cai pedang Ngagolak muyarkeun Pangéran Rét ka Kidul… Pangandaran eumeur kusiksaan Angin ngagulung sulaya ka gunung Ombak ngocéak agul ka méga Gerentes haté, ngalieuk ka tukang Rét ngarérét jaman nu samporét Itu Garut keur perang Nu keur dipépéndé, palid kabawa simpé
Singhoréng nyata… Kuring keur oléng na impénan Moro katumbiri nu dipapaés kasturi Geuning caah… Caah diunggal juru Caah diunggal lembur Kuring ngagolér teu bisa kabur Nu kokolébatan nyingkur dina kamelang Ngabatur peuting gigireun karang Langit ceurik mayungan layung Ngagerolaut nu di tung-tung Mawa payung keur ditiung Gusti nu Murbéning Alam Sampeur kuring ku syakralna Kalam.
Warungpeuteuy, 12 Oktober 2016
Ku: Yuri Dewi
Kungsi kaalaman ceuk kolot baheula Papada jelema manggih walagri Manusa ngariksa, lain nyariksa Hirup deukeut jeung alam Sababna kiwari Musibah dimana-mana Alam ceurik nyambat manusa Manusa nu taya welas asihna Cangcaya.... Duh kuring cangcaya Iraha manggih rapihna alam Iraha répéhna ieu buwana agung Duh Gusti nu kagungan karsa Rumasa diri teu rumawat ka alam Alam éndah ciptaan Anjeun Hapunten, kuring hapunten....
Ku: Yuri Dewi
Ngancikna getih turunan Sunda Naratas jalan laratan Galurna ti Sunda nu bihari Pikeun hirup punjul dina kiwari Ulah deuk malungkir AjĂŠn moal laas ku panas Basa mah teu kudu meuli Ngajadi lĂŠngkah merenah nu kudu dipilampah Sunda bihari, Sunda kiwari nya kuduna makalangan Ulah nepi leungit hirupna Ulah nepi leungit huripna
Komeng: Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh Tukang Peuyeum: Upami seueur mah mésérna mangga wé dimirahkeun, dibonusan malihan mah ku abdi. Badé sabaraha kintal kitu peryogina kang? Komeng: Ah mésér waé sagelempeng mah, kangge nu nyiram tambah pait mang. Tukang peuyeum: “kop wé nyokot kadinya......!!!!!!”. Sakalian tambahan hiji keur mopok beungeut manéh. Wkwkwkwkwkwkwkwkwkwk
POPON : Mang , Sabaraha harga manuk anu ieu? TUKANG MANUK: tah anu keur nyanyi bangbung hideung hargana sajuta, mun itu anu cicingeun hargana 2 juta POPON: Hoooorrrrrrr,....... naha bet mahal kénéh anu cicingeun manuk téh Mang. TUKANG MANUK: HEEEUUHHH pan éta setéh nu nyiptakeun laguna . POPON: ÉÉÉÉÉH AAAAH... Haaarr ah kamu mah memang orang lembur -_wkwkwkwkwkwkwkwkwkwkwkk
Salam: Apapun yg terjadi, kudu tetep nari nyak! mun bisa tong gancang lulus méh di Lises terus,
Salam:
Sisi: Sim Kuring Sapa: Téh Riri, Kang Apip, Téh Bila
Sisi: Megi Sapa: Akang & Tétéh yang cinta budaya
Cinta budaya juga harus cepat wisuda, jaya terus Lises.
Salam: Sumanget!!! sakedap deui janten inti, hayu urang bejadkeun babarengan!!
Salam:
Sisi: Gilang Sapa: Angkatan kicik Purnawarman
Sisi: Simkuring Sapa: Nandar, Destia, Dine, Divi
Apapun yang terjadi kita lestarikan budaya Sunda.
Salam: Geura ngadanus daksss, semangat ya kamu!
Salam: Sisi: Abi Putra Mamah Sapa: Salira
Sisi: Kang Widi Sapa: Barusak Lises
Salam:
Sisi: Uman Sapa: Sadaya panitia PAT
Sing sumanget panitia PAT, sing ikhlas migawĂŠ nanaon tĂŠh, sing beubeunangan, Aa cintaaaaaaaaaa kalian.
Sumanget latihan, hayu ka lises!!!
1
A
2
L 4
S
3
L
1
2
B
5
K
N 5
A
3
L
4
S
MUDUN :
DATAR :
1. Kembang Waluh 2. Raksukan Sunda Kanggo Wanoja 3. Latihan Kepemimpinan dan Organisasi 4. Basa Sundana “Afternoon” 5. Sebutan Lanceuk Lalaki
1. 2. 3. 4.
Anak Buhaya Téma Siloka Édisi Agustus Lauk Naon Anu Bisa Hibeur ? Arti ti “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak” 5. Grandmother
Jalan Raya Bandung - Sumedang Km. 21 Jatinangor, Sumedang 45363
Lises_unpad Lises Unpad LisesUnpad Lises Unpad @jij7198w kontaklises@gmail.com